Kumpulan Carita Lucu Bahasa Sunda Panganyarna

Carita Lucu Bahasa Sunda. Untuk sahabat semua kali ini admin akan berbagi dongeng lucu bahasa sunda, jadi yang gak ngerti bahasa sunda mohon maaf yah. Tapi gapapa kalian bisa belajar untuk memahaminya.

Kango nu resep carita lucu bahasa sunda panganyarna, manga dibaca dihandap ie!

Di sakola...
Guru: "cobi rina terangkeun hasil tugas penelitian hewan teh..
Rina: "muhun bu.. Hewan yg satu ini, dr bayi bernafas dgn insang karna hidup di air, tp stelah remaja dan dewasa dia bernafas dgn paru2 karna dia hdp di darat.
Guru: "hewan apakah itu?
Rina: "kodok bu..
Guru: "bagus.. coba usro..
Usro: "kalo binatang ini tdk pernah tua bu, stiap kulitnya akan keriput, dgn alamiah dia mengganti kulit tuanya dgn yg baru..
Guru: "hewan apakah itu?
Usro: "oray bu..
Guru: "bagus.. cik ucil..
Ucil: "sato yg satu ieu, blm ketauan sato bertelur atow beranak, sabab uing can manggihan endogna atow orokna.. sabab hese pisan di talitina sabab tempat cicing eta sato sok pipindahan.. kadang di kamar kadang di buruan.. jeung lg, stiap mau neliti eta sato kudu meunang ijin tinu boga tmptna bu.. kamari uing tilu kali nyoba, tilu kali oge uing di tampiling kunu boga tempat eta sato bu! Hikz..
Guru: "?????? hewan apa itu nak??
Ucil; "TONGO bu!
Guru: @#%&??!

LOWONGAN KERJA
Adang :”Ayeuna cenah aya deui lowongan kerja ka Malaysia”.
Toto :”Saratna naon bae ?”
Adang :”Ukur mere poto, ukuran tilu ka opat”.
Toto :”Sabaraha hiji ?”
Adang :”Dua karung”.
Toto :”Jadol, hanas didengekeun”.

TEKNIK NGALA BELUT

kahatur dulur nu resep ngala belut, aya sababaraha trik jitutitipan Ki Ihan, kanggo urang supados gampil, tur hasil ngalabelut mucekil...

salian ti ngurek, atanapi di setrum (cara lama), aya deui tehnik ngala belut nu hade. diantawisna :

1.NAKOLAN MANGKOK DI SISI GALENGAN SAWAH ATANAPIBALONG.
trik ieu lumayan jitu,kabuktosan­ ku ki Ihan basa nakolan mangkok ku sendok di sisi balong/­sawah, belutna kalaluar marawa mangkok. marukan tukang baso ngaliwat...kantun diwadahan we belut nu nuju antri meser baso na.

2.NGAWURKEUN LEBU, ABU GOSOK, ATANAPI TIPUNG KAGALENGAN SAWAH ATANAPI BALONG.
trik ieu oge sae, mung rada karunya ka belutna, kalaluar menta pang niupkeun mata na nu kapeureungpeuna­n...bari niup mata belut, asupkeun we belutna kana wadah.

3.NGADAMEL STATUS FACEBOOK DI TENGAH SAWAH BALONG.
ieu ge lumayan gampil, mung hasilna teu seueur teuing, margi belut nu sok fesbuk an teu acan sadayana, eta oge pami belut natos berteman sareng urang, nu kaluar masihan koment atanapi jempol...nu matak cing seueur nga-add belut, teras ngadamel status weh nu hade.

4.NGADAMEL PACILINGAN DI SAPANJANG GALENG / SISIBALONG.
maksad na tiap aya nu miceun, pami pameget nu miceunna belut kalaluar da nyangka na aya batur nu nyampeur,kantun­­ newak pan tos kaluar mah.pami istri nu nongkrong na, belut ge langsung kaluar.. belut bikang mah nyangka liang anyar,ngan biasa na mah nu kaluar belut jalu, kalaluar bari tos jegreg/­hareuras.tapi awas, belut jalu nu cunihin mah sok langsung lebet norobos liang, tapi ulah hariwang, cara ngaluarkeunna mah kantun ngaminyak gorengan we sareng bumbu, antosan saja moge kaluar tumis belut...

TARUCING
Adang :”Buah naon anu dimimitian kuhuruf A, B, C, D, E, F, G jeung huruf H ?”
Agus :”Moal aya atuh. Dina ayana oge tangtu buah anu aheng”,
Adang : “heug atu, bisi can nyaho mah ku kukring dibejaan, nyaeta :
A : Anggur
B : Bener nya anggur
C : Ceuk uingge anggur
D : Da anggur
E : Eta teh anggur
F : Fan anggur
G : Goblog ceuk kuring anggur
H : Heueuh nya anggur.

KADAHARAN PALING HARAM
Ali : "Kadaharan naon nu haram?"
Adun : "Babi..!"
Ali : "Nu leuwih haram deui?"
Adun : "Babi nu ngandung babi deui."
Ali : " Nu pangharamna?"
Adun embung eleh : " Babi nu ngandung babi teu boga bapa, siah...!"

Manrobuka?!
Aya hiji tukang gali kuburan keur ngagali kuburan. Kulantaran harita panas pisan, sanggeus rengse ngagali kuburan, si tukang gali kuburan nyiuhan di jero kuburan bari ditiungan ku daun cau. Ujug-ujug aya lalaki jangkung gede nyampeurkeun, si horeng eta teh malaikat anu rek nanya jalma nu geus maot.

Malaikat: Manrobuka?!

Tukang ngagali kuburan: Aduh punten malaikat, abdi mah sanes anu maot. Abdi mah anu ngagali kuburan, nuju nyiuhan. Panas! Nu maot na mah nuju dijalan keneh!

Malaikat: Ah, sugan teh maneh!

Saminggu ti harita, tukang ngagali kuburan kacilakaan, terus dikuburkeun. Geus sababaraha poe dikubur, naha euweuh wae malaikat anu nanya, pikir si tukang ngagali kuburan. Kabeneran ti kajauhan katingali aya malaikat anu kamari salah nanya. Malaikat! gero si tukang gali.

Malaikat: Aya naon hey tukang ngagali kuburan?

Tukang ngagali kuburan: kunaon abdi teu ditanya?

Malaikat: Ah maneh mah minggu kamari oge ngaheureuyan kuring, pura-pura paeh!

Tukang ngagali kuburan: ????????

OJEG
Tk Ojeg : “Nu biasa we duarebu limaratus!”
Endul : “Boga duitna ngan sarebu”
Tk Ojeg : “Sok we numpak karunya!”
Ojeg maju, den Endul anjecle dibonceng. Barang rek eureun, jedak. Ojeg nabrak tangkal kalpa.
Endul : “Sing bener atuh, maenya eureun teh ditabrakeun kieu?”
Tk Ojeg : “Hampura Endul, mayar sarebueun mah teu diereman!”
Endul : “Beu…………………..!”

DISITA
Di kantor pulisi, pulisi keur ngaintrogasi Usro anu katewak geus ngalakukaeun perkosaan.
Pulisi : “ Usro, rumasa maneh geus ngalakukeun perkosaan ka Nyi Unah?”
Usro : “Rumaos, Pa”.
Pulisi : “Ku sabab maneh geus ngaku ngalakukeun perkosaan, kapaksa ayena alat anu dipake merkosa Nyi Unah ku bapa rek disita sabage barang bukti !”
Na da etamah di Usro les ngudupruk bari aduglajer. 

KEUR KONENG
Kabayan : “Kunaon teu puasa, teung?”
Iteung : “Keur beureum, ari Akang kunaon teu pusa dei?”
Kaabayan : “Keur………keur koneng akang mah}
Iteug : “Keur koneg kumaha ?”
Kabayan : “Tenjo we di WC”.

Budak jeung Emana
Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa ditanyakeun ka emana.
Budak : "Ma ari adé dikandung ku ema ka sabara sasih ?"
Emana : "Salapan bulan salapan poé !"
Budak : "Ari adé ayeuna umurna sabaraha taun ?"
Emana : "Tilu taun !"
Budak : "Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?"
Emana : "Tilu taun ogé !"
Budak : "Jadi nu salapan bulan salapan dinténna...?" (tarangna kerung semu nu mikir)
Emana : "Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembe sataun satengah!" ( rada gugup)
Budak : "Ah..maenya umur adé nembé sataun satengah, tos capétang kieu!"
Emana : "Geus ah tong loba tatanya, Pamali!" ( bari ngaléos indit )

Ngajawab Soal Ujian
Dina soal ujian anu mangrupa esey, aya pituduh kieu: Pigawe tujuh, tina sapuluh soal anu kuhidep dianggap pangbabarina.

Gudrud wae ku maneh na mah dipigawe sapuluh soalannana, terus dihandap make

Implik-implik kieu: "Mangga we pilih tujuh, tina sapuluh jawaban anu pang merenahna."

NEANGAN MUATAN
Kuring : “ Nanaonan ieu the, Nek. Ongkoh beus Bandung-Jakarta. Naha kuringteh dibawa katask?“.
Kenek :“Sabar, Cep.....bade milarian heula muatan!“
Kuring :“Sugan geeeelo !“

DIKAPUT
Budak awewe geulis tapi centil dibawa ka rumah sakit, sukuna tatu lantaran labuh tina motor.
Dokter : “Wayahna nya Neng, lukana kedah dikaput, moal nyeri da dibaalan”.
Budak : “Mangga Dokter, mung dikaputna hoyong kubenang beureum, nganggo renda kayas, teras dina sakuna hoyong nganggo gambar kembang. Sakantenan we diobras”.
Dokter : “Ha…………………..r, memangna ngaput baju”.

HEUREUY DOKTER
Pasen :“Dokter, leres abditeh katarajang kasakit koneng ?“
Dokter :“Leres“.
Pasen :“Naon tandana atuh ?“
Dokter :“Kapan eta waos Bapak ?“

PUTUS
Didin :“Mun, hubungan urang teh tos we dugi kadie nya ? Sanes Didin teu nyaah, tapi……….”
Mimin :“Naon ari Didin ? Hubungan naon ieuteh ?“
Didin :“Muhun, hubungan perkawis hutang“.
Mimin :“Ngenah we diputuskeun, atuh kuring rugi, wayah !“

AKAR
Guru : “Yu, aya jamu kuat ?”
Tk Jamu : “Aya, Pa. Malih ieu mah husus keur barudak sakola anu kurang daya nangkeupna dina Pelajaran Matematka “.
Guru : “Cik, cik, cik, tina naon ramuanna?”
Tk Jamu : “Smai we tina akar-akaran. Namun ieu mah diramuna tina ramuan akar kuadrat.

SAPATU KULIT
Kabayan :”Ari silaing bisa atawa hente ngabedakeun antara sapatu kulit asli jeung anu imitasi ?“
Ibro :”Teu, teu nyaho. Cing, cing tah kumaha ngabedakeunana ?”
Kabayan :”Babari pisan, si sapatu teh sina dicoco reungit. Lamun eta sapatu barentol, eta berarti sapatu kulit asli”.

SEMAH
Semah : “Puntn, araya kitu nya?”
Pribumi : “Aeh, araya, mangga kalebet !”
Semah : “Bade tumaros, ari bumina Pa Ibroteh ieu kitu?”
Pribumi : “Sumuhun, aya kaperyogian naon kitu?”
Semah : “Ah, teu aya nanaon, mung hoyong terang bae rupana saderek Ibro the, hideng gening nya rupa Bapa the!”
Pribumi : “Ontohod the siah………….!”

JAJAMU
Dokter :” Sudah berapa hari Bapak tidak bisa kencing?”
Asnawi :” Tilu dinten, dok”.
Dokter :” Makanan apa yang bapak makan sebelumnya?”
Asnawi :“ Anu dok.........Eu......jamu sari rapet“.
Dokter :“ Pantesan, rapet teuing meren!“

TALEUS
Kabayan :”Teung ari maneh geus apal cara ngadahar taleus, ngarah teu ateul ?”
Iteung :”Gampang, Kang. Beuti taleus dipesek, tuluy dikumbah geutahna sing beresih, tuktuy seupan. Moal ateul geura”.
Kabayan :’Hese kitumah, Teung ! nu babarimah……..memeh didahar, garoan heula taleusna!”.

AKIBAT NGINUM
Guru :”Maneh nyaho, cing naon akibatna loba nginum teh ?”
Endul :”Terang, Pa”
Guru :”Naon ?”
Endul :”Beser…………”

LEUNGIT BUDAK
Udin :“Putra simkuring anu cikal dileweng teh, salamet tina pangreweg skadang maung“.
Usro :”Allhamdulillah…………………..”
Udin :”Nyaeta dilegleg buaya !”

HADIRIN
Hadirin yang terhormat
Mang Sobirin katinggang tomat
Para hadirin para hadirot
Kejo sapiring beak ku kolot
Numatak numawi
Hulu botak katinggang awi

PEUYEUM
Oji :“ Mang, sabaraha sakintalna peuyeum teh ?“
Tk Peuyeum : “Upami seueurmah wios lah dimirahkeun. Bade sabarah kintal kitu peryogina ?”
Oji : “ Ah meser wae sagelempeng mah, kangge nu nyiram”.
Tk Peuyeum :“ Kop we nyokot kadinya………..sakalian tambahan hiji keur mopok beungeut maneh !”

BAU JENGKOL
Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran lila teuing nahan. Pas ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila sinini balik deui bari noel ka Karsih pok nanya.

"Nyi...nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari melong anteb.
"Mu..mu..muhun!" tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa reueus..

"Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul ge tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana !" Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis dihareupeun sinini.

"Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi nya ?"
"Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jengkol !"

JAJAMU
Indung : “Nyai, jajamu naon anu tadi dibikeun ka ema teh?”
Nyai : “Aeh uhun, taditeh lepat masihkeun, kedahna kanggo bapak, eta teh jamu kuat lalaki”
Indung : “Paingan atuh, karasana asa hayang macul wae”

Sakitu bae ti sim kuring mah, mugia janten panghibur di kaayan nu sedih.